Sunday 9 June 2013

babasan

349. Lain bantrak-bantrakeun. (Lain lawaneun).
350. Lain jalma joré-joré. (Lain jalma turunan hina tapi turunan hadé).
351. Lain lantung tambuh laku, lain léntang tanpa béja. (Lain indit-indit teu
puguh nu dimaksud tapi aya picaritaeun penting).
352. Lain palid ku cikiih. (Lain jelema sakaba-kaba).
353. Langsung saur bahé carék. (Sok gampang nyarékan atawa ngomong nu
matak nyéntug kana haté).
354. Lembur singkur mandala singkah. (Tempat nyumput sarta jauh).
355. Léngkah kapiceun. (Nyaba bari aya nu dimaksud tapi teu hasil).
356. Léntah darat. (Jalma nu sok méré nginjeum duit maké réntén gedé).
357. Lésang kuras. (Teu bisa nyésakeun rejeki teundeunan).
358. Létah leuwih seukeut manan pedang. (Raheut haté ku omongan leuwih
peurih karasana ti batan raheut biasa).
359. Leubeut buah héjo daun. (Keur meujeuhna loba rejeki).
360. Leumpang nurutkeun indung suku. (Leumpang/nyaba teu puguh nu
dijugjug).
361. Leutik burih. (Leutik haté, borangan).
362. Leutik ringkang gedé bugang. (Sipat jelema upama maot loba urusanna,
sumawonna mun nepi ka ajal di panyabaan).
363. Leuweung ganggong simagonggong, leuweung sisumenem jati. (Leuweung
geueuman pikakeueungeun).
364. Liang cocopét. (Liang leutik hara-haraeun).
365. Lindeuk japati. (Siga lindeuk tapi linghas, bisa méré budi manis tapi teu
beunang dipaké kaheureuyan).
366. Lindeuk piteuk. (Siga lindeuk tapi linghas).
367. Loba jaksa. (Loba teuing nu méré timbangan atawa naséhat).
368. Lolondokan. (Bisa ngaluyukeun diri jeung kaayaan lingkungan atawa jeung
kahayang jaman).
369. Luhur kokopan. (Kumaki, angkuh).
370. Luhur kuta gedé dunya. (Gagah tur beunghar taya kakurang).
371. Luhur pamakaman. (Luhur kokopan).
372. Luncat mulang. (Teu beunang dicekel omonganana sabab sok robah).

346. Laér gado. (Sok kabitaan ku kadaharan nu aya di batur).
347. Lalaki langit, lalanang jagat. (Lalaki anu gagah perkasa tur kasép).
348. Lali rabi tégang pati. (Poho ka pamajikan jeung téga kana nyawa pikeun
ngabéla nagara jeung bangsa).

Comments
0 Comments

0 comments :

Post a Comment