Sunday 9 June 2013

babasan

373. Mabok pangkat. (Ieu aing jeneng).
374. Macan biungan. (Jelema teu akur jeung batur salembur).
375. Maén sabun. (Maén nu teu sawajarna).
376. Malapah gedang. (Malibir heula méméh nyaritakeun maksud nu sabenerna).
377. Maliding anak. (Pilih kasih).
378. Malik mépéh. (Gulang-guling lantarana teu kuat nahan nyeri).
379. Malik rabi pindah ngawula. (Nganteurkeun dahareun ka dunungan nu
anyar).
380. Manan léwéh mending waléh. (Tinimbang matak susah sorangan mending
ngomong satabarasna).
381. Manasina sambel jahé, toptop téwéwét. (Moal ujug-ujug karasa atawa kaala
hasilna, kudu sabar).
382. Mandi getih. (Boloboran getih lantaran ngadu jajatén maké pakarang
seukeut).
383. Mandi kembang. (Mandi ku cai dikembangan tujuh rupa jeung dijampéan).
384. Mandi oray. (Mandi sakecebes teu maké sabun-sabun acan).
385. Mani hayang utah iga. (Ngarasa kacida sebelna nénjo atawa ngadéngé
kalakuan batur nu pikaijideun).
386. Mapag kala. (Pindah atawa nyaba nuju ka tempat kala cicing, jadi meunang
kasusah).
387. Marudah haté. (Teu tengtrem haté lantaran teu sugema jeung kaayaan).
388. Mata dijual ka peda. (Dilarapkeun ka nu malaweung, nepi ka teu awas ka
nu disanghareupan).
389. Mata duiteun. (Piduit pisan, kasengsrem ku duit).
390. Mata karanjang. (Resep ka awéwé, teu kaop ningali nu geulis).
391. Mata simeuteun. (Ngarasa héran nepi ka olohok teu ngiceup-ngiceup).
392. Matak andel-andeleun. (Matak ngurangan kapercayaan, matak pikakeuheuleun).
393. Matak balik aseupan. (Teu bisa nyangu).
394. Matak muringkak bulu punduk. (Matak murinding bulu punduk, keueung).

395. Matak pabalik létah. (Paméré nu dipénta deui).
396. Matak pajauh huma. (Matak teu silih pikanyaah, tara silih béré rejeki jeug
dulur atawa baraya lantaran paséa).
397. Matak ibur salelembur. (Matak geunjleung jadi carita dimana-mana).
398. Maung malang. (Jalma nu jadi panghalang kana maksud batur).
399. Maung ompong, bedil kosong, karéta kosong. (Jelema nu boga komara tapi
geus teu nyekel kakawasaan).
400. Melengkung umbul-umbulna, ngerab-ngerab bandérana. (Ngagambarkeun
iring-iringan atawa kaayaan di tempat pésta).
401. Méméh emal, emél heula. (Méméh urang mahugi naon-naon ka pamajikan,
kudu neundeun omong heula).
402. Ménak luar jéro. (Turunan ménak tur mulya haté).
403. Mending waléh batan léwéh. (Mending wakca tibatan matak gering pikir).
404. Méré langir kalieun. (Méré barang atawa méré duit anu kudu ditagih heula
ti batur bari bisa aya mamalana).
405. Meubeut meulit. (Nyarékan bari mamawa kasalahan jelema séjén).
406. Meunang kopi pait. (Digelendeng atawa dicarékan ku dunungan).
407. Meungpeun carang. (Api-api teu nyaho atawa api-api teu katénjo padahal
mah kuduna jadi urusan).
408. Meungpeung teugeu harianeun (Embung pisan tutulung ka batur nu keur
susah atawa loba kabutuh)
409. Miceun batok meunang coet. (Miceun nu goreng ku.lantaran hayang
meunang anu alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae).
410. Meupeus keuyang. (Ngabudalkeun kakeuheul ka nu teu tuah teu dosa sabab
ka nu boga kasalahanana mah teu wani).
411. Miceun beungeut. (Ngalieus lantaran ijid atawa ngéwa).
412. Midemit élmu sajati. (Ngawuruk élmu luhung lain pikeun jalma réa).
413. Midua mikir. (Teu satia dina urusan cinta).
414. Milih-milih rabi mindah-mindah rasa. (Ganti pamajikan sugan leuwih
ngarepok).
415. Milu jabung tumalapung. (Milu nyarita dina pasamoan bari rumasa lain
layakna ngan kulantaran kapaksa).

416. Mipit teu amit, ngala teu ménta. (Maok, puak-paok).
417. Misah badan, misah nyawa. (Teu sarua, béda sagala rupana).
418. Miyuni hayam kabiri, kuméok méméh dipacok. (Euweuh kawani, jejerih).
419. Miyuni hui kamayung. (Teu payaan, katodél saeutik ngambek).
420. Miyuni hurang, tai ka hulu-hulu. (Kacida bodona).
421. Moal ceurik ménta eusi. (Sanajan wadah gedé, lain hayang dibéré loba).
422. Moal ditarajéan. (Teu sieun).
423. Moal jauh laukna. (Moal hésé piuntungennana).
424. Moal mundur satunjang béas. (Teu sieunan, teu gimir saeutik-eutik acan).
425. Moal néangan jurig teu kadeuleu. (Moal nyangka ka saha-saha deui nu boga
dosana lantaran geus teg ka si anu).
426. Mucuk eurih. (Laléncop kawas pucuk eurih).
427. Mukti wibawa. (Hirup senang sarta pada ngambeuan, pada ngahormat).
428. Mulangkeun panyiraman. (Mikahayang nu lain-lain anu cénah dipikahayang
ku indungna waktu keur nyiram ku manéhna).
429. Mugprugkeun tai kanjut. (Kariaan leuwih gedé ti biasa lantaran ku ijiran
moal rék kariaan deui).
430. Muriang teu kawayaan. (Asa muriang lantaran kaédanan).
431. Mustika pagulingan. (Putri atawa wanita geulis pisan).

Comments
0 Comments

0 comments :

Post a Comment