Minggu, 09 Juni 2013

babasan

270. Kabawa ku sakaba-kaba. (Kabawakeun lampah teu puguh ku batur,
kapangaruhan ku batur).
271. Kacanir bangban. (Kawiwirang, meunang kaéra).
272. Kaceluk ka awun-awun. (Kamashur ka mana-mana).
273. Kaduhung tara ti heula. (Ngarasa hanjakal mah tangtu tara saméméh migawé
kasalahan).
274. Kagok asong. (Kapalang geus nyanggupan, teu bisa mundur deui).
275. Kahieuman bangkong. (Siga beunghar padahal mah kapihapéan banda
batur).

276. Kahutangan budi. (Geus narima kahadéan ti batur).
277. Kajejek ku hakan. (Hasil usaha ngan beak keur kaperluan dahareun wungkul).
278. Karawu kapangku. (Sagala pagawéan kacabak jeung hasilna hadé).
279. Katempuhan buntut maung. (Katempuhan urusan atawa kasusah batur).
280. Kapiheulaan ngaluluh taneuh. (Hudang kabeurangan).
281. Kapipit galih kadudut kalbu. (Kapincut, bogoh).
282. Kasép ngalémpéréng konéng. (Nya kasép nya ginding).
283. Kasuhun kalingga murda. (Katarima pisan lahir batin).
284. Katindih ku kari-kari. (Katuding atawa kasangka pédah aya patalina jeung
kajadian perkara).
285. Kausap sétan. (Kagoda ku sétan nepi ka wani ngalampahkeun kajahatan
atawa pagawéan ma’siat).
286. Kawas aeud. (Goréng budi; bangor).
287. Kawas anu teu dibedong. (Kaluar asup tara meundeutkeun panto).
288. Kawas bayah kuda. (Bélél pisan).
289. Kawas beubeulahan térong. (Sakarupa pisan siga nu kembar).
290. Kawas beusi atah meuleum. (Geuneuk).
291. Kawas bodor réog. (Jelema anu tingkah lakuna pikaseurieun).
292. Kawas bueuk meunang mabuk. (Ngeluk jeung teu wani ngomong da rumasa
boga dosa).
293. Kawas bujur aseupan. (Diuk teu daék cicing).
294. Kawas careuh bulan. (Nu diwedak kandel teuing).
295. Kawas ciduh jeung reuhak. (Sarua goréngna).
296. Kawas cucurut kaibunan. (Goréng patut sarta pikarunyaeun).
297. Kawas dodol bulukan. (Jelema hideung diwedakan teu rata).
298. Kawas durukan huut. (Pibahayaeun anu teu kaciri sarta beuki lila beuki
gedé).
299. Kawas ékék. (Ka nu papakéan sarwa héjo).
300. Kawas gaang katincak. (Répéh sapada harita, ngadadak jempling).
301. Kawas gateuw. (Teu bisa liar lantaran gering atawa geus rarémpo).

302. Kawas hayam panyambungan. (Talamba-tolombo dina riungan lantaran
euweuh nu wawuh).
303. Kawas heulang pateuh jangjang. (Teu bisa walakaya lantaran teu boga nu
diandelkeun).
304. Kawas himi-himi. (Méh salilana babarengan, tara daék papisah).
305. Kawas jelér kasaatan. (Teu daék cicing).
306. Kawas jogjog mondok. (Cékcok, récok, gandéng ku nu ngomong pabedasbedas).
307. Kawas ka budak rodék hulu. (Ngahina, kawas ka jelema nu bodo atawa
kawas ka budak nu bolon kénéh).
308. Kawas kedok bakal. (Kacida goréng patutna).
309. Kawas langit jeung bumi. (Pohara bédana).
310. Kawas lauk asup kana bubu. (Hésé kaluar deui tina salah sahiji lingkungan
lantaran katalian ku jangji atawa ku aturan).
311. Kawas leungeun nu palid. (Ngopépang, sagala dicabak atawa dicekel).
312. Kawas nu kékéd. (Teu bisa barangbawa).
313. Kawas nu meunang lotré. (Meunang rejeki gedé nu teu disangka-sangka).
314. Kawas rama jeung sinta. (Nurub cupu).
315. Kawas siraru jadi. (Riab ka mana-mana).
316. Kawas supa jadi. (Gancang pisan jadina jeung ngalobaannana).
317. Kawas tatah. (Teu hideng sorangan, kudu dititah baé).
318. Kawas tikukur. (Nyebut ngaran sorangan ka nu anyar pinanggih).
319. Kawas toéd. (Beuki ngomong).
320. Kawas tunggeu. (Jelema teu pikaresepeun, goréng patut jeung tungi, tara
pati ngomong).
321. Kawas tunggul kahuru. (Goréng patut).
322. Kawas ucing kumareumbi. (Sagala dicabak, sagala dicekel).
323. Kawas wayang pangsisina. (Goréng rupana).
324. Keuna kana mamarasna. (Keuna kana haté, karasa ngajeletit kana haténa).
325. Keuna ku lara teu keuna ku pati. (Bisa jadi éléh atawa tatu tapi teu maot).
326. Keur awak saawakeun. (Keur manéhna sorangan).
327. Keur béntang surem. (Keur apes).

328. Keur meujeuhna bilatung dulang. (Keur meujeuhna parabaneun).
329. Kokolot begog. (Ngomong teu merenah kawas kolot, dilarapkeun ka budak
ngora).
330. Kokoro manggih mulud, puasa manggih lebaran. (Kokomoan dina waktu
aya rejeki).
331. Kokoro nyenang. (Nembongkeun pangaboga nu teu sabaraha lantaran
hayang dipuji).
332. Kokoro nyoso malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam. (Kacida malaratna).
333. Kolot dapuran. (Kolot nurutkeun pancakaki).
334. Kolot kolotok. (Kolot tapi euweuh kanyaho).
335. Kuah beukah. (Rejeki teu sabaraha tina gawé tambuh laku/tina gawé nu teu
tangtu).
336. Kudu asak jeujeuhan. (Kudu gedé jeujeuhan, loba tinimbangan).
337. Kudu bisa ngaragap haté batur. (Kudu bisa ngira-ngira pirasaeun haté
batur).
338. Kudu bisa ngeureut pakeun. (Kudu bisa ngajeujeuhkeun rejeki).
339. Kujang dua pangadékna. (Usaha anu ngadatangkeun dua kauntungan).
340. Kulimis kawas cucurut kaibunan. (Goréng patut jeung matak pikarunyaeun).
341. Kumaha ceuk nu dibendo baé. (Kumaha ceuk pangagung baé).
342. Kumaha kecebur caina geletuk batuna baé. (Kumaha béhna, kumaha engké
baé).
343. Kumaha raména pasar. (Kumaha guyubna batur jenuk balaréa).
344. Kuru cileuh kentél peujit. (Ngurangan saré, ngurangan dahar lantaran aya nu
dimaksud).
345. Kurung batok. (Teu daék lunta ti lembur, jadi teu loba kanyaho).

Comments
0 Comments

0 komentar :

Poskan Komentar