Minggu, 09 Juni 2013

babasan

194. Hadé gogog hadé tagog. (Hadé basa hade tata).
195. Hadé ku omong goréng ku omong. (Sagala rupa perkara biasana dianggap
alus jeung goréng ku batur, gumantung kana caritaan urang).
196. Hampang birit. (Daékan).
197. Hampang leungeun. (Babari neunggeul).
198. Handap asor. (Daék ngahormat ka batur).
199. Handap lanyap. (Hornat tapi matak nyéntug kana haté).
200. Hapa hui. (Taya panarimana, teu aya pamales budi ka nu geus nyieun
kahadéan).
201. Harelung jangkung. (Kacida jangkungna).
202. Haréwos bojong. (Omongan nu diharéwoskeun tapi kadéngé ku nu deukeut
ka nu diharéwoskeun).
203. Harigu manukeun. (Nonjol ka hareup hariguna).
204. Haripeut ku teuteureuyeun. (Totoroso pisan kana urusan pirejekieun).
205. Harus omong batan goong. (Béja nu ngandung pituah gancang pisan
nyebarna bari sok ditarambahan nepi ka asalna sajeungkal jadi sadeupa).
206. Haseum budi. (Leuwih loba cemberut jeung baeud tibatan seuri atawa
marahmay).
207. Haseum kawas cuka bibit. (Kurawed haseum, teu méré budi pisan).

208. Hawara biwir. (Resep ngabéjakeun-béjakeun perkara anu tacan tangtu bakal
dilaksanakeun).
209. Hayang leuwih jadi léwéh. (Hayang untung malah rugi).
210. Hayang untung jadi buntung. (Tinimbang untung kalah rugi).
211. Héjo carulang. (Warna kulit awéwé anu alus rada ngoraan tina hideung
santen).
212. Héjo cokor badag sambel. (Dusun pisan).
213. Héjo tihang. (Teu cééhan, resep pipindahan, resep gunta-ganti pagawéan).
214. Henteu cai hérang-hérang acan. (Teu disuguhan naon-naon).
215. Henteu jingjing henteu bawa. (Henteu mawa naon-naon keur oléh-oléh ka
nu dijugjug).
216. Herang caina beunang laukna. (Nu dipikahayang bisa laksana tur teu
nganyenyeri batur).
217. Heueuh-heueuh bueuk. (Nyatujuan ari di.luar mah, ngan bae henteu terus
jeung hatena).
218. Heuras genggerong. (Teu bisa ngangeunahkeun haté batur ku omongan).
219. Heureut pakeun. (Teu réa kaboga, saeutik pangasilan).
220. Heurin ku létah. (Hayang jeung perlu ngabéjakeun hiji perkara ngan sieun
pok kulantaran loba karisi karémpan).
221. Hideung ngabangbara. (Hideung meles sarta hérang).
222. Hideung ogé buah manggu, matak tigurawil bajing. (Nyolong badé, salah
duga).
223. Hirup di nuhun, paéh dirampés. (Tanda geus pasrah).
224. Hirup katunggul ku pati. (Hirup ditungtungan ku maot).
225. Hirup ku ibun gedé ku poé. (Sasat euweuh nu ngurus, hirup kalantar).
226. Hirup ku panyukup gede ku pamere. (Hirup samahi-mahi ku pamere batur
bae, sabab teu purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah).
227. Hirup sapait samamanis. (Rukun, sabagja sacilaka).
228. Hirup teu neut, paéh teu hos. (Terus-terusan gering ripuh, tapi teu maot).
229. Huap hiji diduakeun. (Ngirit-ngirit kaperluan sapopoé, supaya bisa
nyumponan kaperluan anak atawa saha baé anu perlu dibélaan).
230. Hujan cipanon. (Loba ceurik).

231. Huleng jentul. (Némbongkeun paroman anu ngandung kasusah, mindeng
ngajentul).
232. Hurip gusti waras abdi. (Salamet raja katut rahayatna).
233. Hutang salaput hulu. (Loba pisan hutangna nepi ka samar bisa kabayar).
234. Hutang uyah bayar uyah. (Amal perbuatan sok aya wawalesna).

Comments
0 Comments

0 komentar :

Poskan Komentar