Wednesday 10 April 2013

paribasa sunda

104. Malémpéng pakel ku munding. (Ngalampakeun perkara nu moal pihasileun).
105. Malik ka temen. (Nu asalna babanyolan, tuluy jadi nyaan).
106. Malikkeun pangali. (Nempuhkeun kawajiban nu disérénkeun ka nu nyérénkeun
eta kawajiban ka manéhna).
107. Mampéngkeun kuya ka leuwi. (Nempatkeun jelema ka tempat anu dipikahayangna).
108. Mangkok emas eusi madu. (Jelema nu alus basa tur lampahna ogé hade).
109. Manuk ngapung ku jangjangna, jalma hirup ku akalna. (Unggal mahluk
Alloh dipaparin rupa-rupa alat pikeun nyiar kahirupanna).
110. Mapay ka puhu leungeun. (Kasalahan hiji budak/turunan sok mamawa
goréng ka kolotna).
111. Mapatahan ngojay ka meri. (Mapatahan jelema nu leuwih loba kanyaho
jeung pangalamanana).
112. Marebutkeun balung tanpa eusi. (Madukeun perkara nu teu aya hasilna).
113. Matih tuman batan tumbal. (Leuwih gedé hasilna ku sabab latihan ti batan
ku tumbal atawa ku jumpa-jampé).
114. Maut ka puhu. (Masalah budak mamawa ka kolot).
115. Maut nyéré ka congona. (Ripuh ka kolotnakeun).
116. Mébér-mébér totopang heureut. (Ngajeujeuhkeun rejeki saeutik supaya
mahi).
117. Meungpeun carang ku ayakan. (Api-api teu nyaho).
118. Mihapé hayam ka heulang. (Nitipkeun barang atawa amanat ka jelema nu
teu beunang dipercaya).
119. Mindingan beungeut ku saweuy. (Api-api teu nyaho kasalahan bawahan ku
sabab teu mampuh nindakna).
120. Moal aya haseup mun euweuh seuneu. (Moal aya masalah mun teu aya
sababna).
121. Mobok manggih gorowong. (Kabeneran aya jalan pikeun ngahasilkeun
usaha nu keur dipaju).
122. Monyét dibéré seséngkéd. (Dibéré jalan sangkan babari ngalakukeun
kajahatan).
123. Monyét kapalingan jagong. (Nu maling kapalingan, nu nipu katipu).
124. Monyét ngagugulung kalapa. (Nyaho luarna wungkul, teu apal saeutik-eutik
acan masalah nu sabenerna).
125. Mopo méméh nanggung. (Ngarasa teu sanggup ngalakukeun hiji pagawéan
saméméh éta pagawéan dicoba).
126. Moro julang ngaleupaskeun peusing. (Ngalésotkeun barang nu geus
kapimilik lantaran kabita ku nu leuwih gedé, padahal can tangtu hasilna).
127. Moro taya tingal kaya. (Pakaya nu geus aya ditinggalkeun lantaran hayang
meunang nu leuwih loba, tapi nyatana malah jadi leuwih walurat ti
saméméhna).
128. Mulih ka jati mulang ka asal. (Asal ti Alloh balik deui ka Alloh, maot).
129. Mun kiruh ti girang komo ka hilirna. (Upama pamingpin lampahna kurang
hade, komo deui nu dipingpinna).
130. Mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih, mun teu
ngoprék moal nyapék. (Mun teu usaha moal boga rejeki).
131. Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan. (Balik ti pangumbaraan
ka tempat asal kalahiran).
132. Murag bulu bitis. (Teu resep cicing di imah, resep udar-ador baé).

Comments
0 Comments

0 comments :

Post a Comment