Wednesday 10 April 2013

paribasa sunda

69. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak. ( Layeut, sauyunan).
70. Ka luhur henteu sirungan, ka handap henteu akaran. (Teu jamuga, teu jujur
dina pagawéanana).
71. Ka luhur sieun gugur, ka handap sieun cacing. (Taya kawani).
72. Kabeureuyan mah tara ku tulang munding tapi ku cucuk peda. (Nu
ngalantarankeun cilaka teh biasana pasualan-pasualan leutik atawa sapélé).
73. Kacang poho ka lanjaran. (Poho ka asal wiwitan).
74. Kaciwit kulit kabawa daging. (Kabawa goréng ku kalakuan baraya anu salah).
75. Kajeun kendor asal ngagémbol ti batan gancang pincang. (Kajeun laun asal
salamet sangkan hasilna nyugemakeun).
76. Kajeun pait heula amis tungtung, manan amis heula pait tungtung. (Leuwih
hadé dicaritakeun heula banggana tibatan dibibitaan heula ku piuntungeunana
bisi ahirna kaduhung).
77. Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung. (Kajeun capé digawé asal bisa
dahar kalawan cukup).
78. Kalapa bijil ti cungap. (Nyaritakeun rasih sorangan).
79. Kandel kulit beungeut. (Teu boga kaéra).
80. Kawas anjing tutung buntut. (Berebet ka ditu, berebet ka dieu, kawas anu
samar rasa).
81. Kawas awi sumaér di pasir. (Teu boga pamadegan, gampang kapangaruhan).
82. Kawas cai dina daun bolang. (Pangajaran atawa nasehat nu teu aya
nyangsangna).
83. Kawas cai dina daun taleus. (Naséhat atawa papatah nu teu nerap, teu boga
pamadegan).
84. Kawas gula jeung peueut. (Kacida layeutna).
85. Kawas hayam keur endogan. (Teu daék cicing lantaran hate kaweur atawa
geus teu sabar ngadagoan nu diarep-arep).
86. Kawas kacang ninggang kajang. (Nyarita kalayan norostos, capétang).
87. Kawas kapuk katebak angin. (Paburencay lantaran aya bahaya).
88. Kawas kuda leupas ti gedogan. (Ngumbar kahayang lantaran geus euweuh nu
ngahalang-halang).
89. Kawas pantun teu jeung kacapi. (Bisa mapatahan tapi teu bari jeung nyontoan).
90. Kawas ucing jeung anjing. (Babari atawa mindeng pasea).
91. Keur meujeuhna héjo lémbok, rambai carita. (Keur meujeuhna lubak-libuk
taya kakurang).
92. Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang. (Pipilueun nyarita).
93. Kudu ngukur kana kujur, nimbang kana awak. (Sagala rupa tingkah laku kudu
luyu jeung kaayaan diri sorangan).

Comments
0 Comments

0 comments :

Post a Comment