Sunday 9 June 2013

babasan

45. Babalik pikir. (Robah lampah jadi hade).
46. Balég tampélé. (Mangkat begér, wani ditukangeun ari dihareupeun éra kénéh).
47. Bali geusan ngajadi. (Lemah cai tempat dilahirkeun).
48. Balik ngaran. (Maot di panyabaan).
49. Bangbang koléntang. (Sagala euweuh, teu boga duit pisan).

50. Banting tulang. (Digawé paeh poso, popohoan).
51. Batok kohok piring semplék. (Paparabotan nu taya hargana).
52. Batur ngalér ieu ngidul. (Lain-lainna jeung anu keur diomongkeun ku batur
lantaran saliwang atawa teu pati ngarti kana caritaan salah saurang nu keur
ngariung).
53. Bau-bau sinduk. (Baraya kénéh sanajan geus laér).
54. Beak déngkak. (Geus béak tarékah).
55. Beak ka lebu-lebuna. (Teu nyésa saeutik-eutik acan).
56. Belang bayah. (Goréng hate).
57. Béngkok tikoro. (Teu kabagéan dahareun lantaran teu datang atawa geus
béakeun mantén).
58. Beurat nyuhun beurat nanggung. (Kacida tumarimana, nuhun pisan).
59. Beurat birit. (Kedul).
60. Beuteung anjingeun. (Beuteung anu gedé ka luhur).
61. Beuteung mutiktrik berekat meunang. (Nu tas dahar seubeuh di nu hajat ari
balik mawa berekatna deuih).
62. Bihari ngalingling pasir, ayeuna ngalanglang pasar. (Jaman geus robah, loba
jelema nu ganti pacabakan atawa robah tingkah lakuna).
63. Birit sééng. (Hideung lestreng).
64. Bisa jeujeuh pakeun. (Bisa ngatur rejeki).
65. Bisi aya cai ti cai geusan mandi. (Bisi aya nu kasigeung atawa katoél
mamaras rasa).
66. Biwir nyiru rombéngeun. (Resep nyaritakeun cécék bocék jeung nu saenyana
kudu dirusiahkeun).
67. Bluk nyuuh blak nagkarak. (Kabina-bina rajinna dina enggoning nyiar
kipayah).
68. Bobo sapanon carang sapakan. (Teu puguh undak-usukna teu bérés éntép
seureuhna).
69. Bobor karahayuan. (Katarajang apes, cilaka atawa meunang kasusah).
70. Bodo aléwoh. (Bodo tapi bari daék tatanya).
71. Bodo katotoloyoh. (Bodo bari tara daék tatanya).

Comments
0 Comments

0 comments :

Post a Comment