Sunday 9 June 2013

babasan

153. Gagalana. (Jagona, kokojona).
154. Galak sinongnong. (Mimiti sir ka awéwé, can wani adu hareupeun).
155. Galak timburu. (Babari timburuan).
156. Galédéh gado. (Daréhdéh, tapi henteu terus kana haté).
157. Gancang pincang. (Gancang (dina gawé) tapi teu pati bener).
158. Gantung déngé. (Ngarasa hanjakal, hayang kénéh ngadéngékeun tapi anggeus mantén).
159. Gantung teureuyeun. (Ngarasa hanjelu, barangdahar hayang kénéh kapaksa
dieureunkeun).
160. Garo-garo teu ateul. (Gagaro tukangeun ceuli nandakeun bingung atawa
keuheul).
161. Garo maling. (Gagaro bari teu sadar).
162. Garo singsat. (Gagaro bari nyingsat lantaran geus teu sabar atawa lantaran
ambek).

163. Gedé gunung pananggeuhan. (Boga baraya luhur pangkat, gedé dunya.
dipaké andelan pibisaeun atawa pibakaleun nulungan dina perluna).
164. Gedé hulu. (Adigung).
165. Geledug cés. (Hébat mimitina wungkul, ari tuluyna henteu sabaraha atawa
mudedes pisan).
166. Gemah ripah loh jinawi. (Gegek cacah jiwana sarta raharja).
167. Géntél kéak. (Méh teu lésot (budak ti indungna), lamun dilésotkeun sok
ceurik).
168. Genténg-genténg ulah potong. (Sanajan hasilna teu sabaraha keun baé
tinimbang luput).
169. Gering nangtung. (Ngalanglayung, ngareunggeuy, teu gering parna, tapi teu
séhat bener ogé henteu).
170. Gering pikir, (Boga kasusah atawa kasedih).
171. Getas harupateun, (Babari ambek, babari anggeus-anggeusan).
172. Geugeut manjahan, (Nénéh bonténg ngan teu nepi ka neunggeul).
173. Geulis panon, (Susuganan).
174. Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma, (Ari rupa mah tegep ngan dangong
dusun).
175. Geus apal luar jerona. (Geus nyaho kalakuan jeung tabéat jelema).
176. Geus aya dina pésak. (Geus kanyahoan rusiahna).
177. Geus aya kembang-kembangna. (Geus aya hal-hal anu nimbulkeun harepan
kana hasil maksud).
178. Geus bijil bulu mayang. (Geus balég, mimiti begér (budak lalaki).
179. Geus cumarita. (Geus kawin sarta imah-imah sorangan).
180. Geus karasa pait peuheurna. (Geus kaalaman sagala rupa nu teu ngeunahna
atawa nu matak susah).
181. Geus labuh bandéra. (Geus diputus perkara).
182. Geus nahi kana kopi. (Teu ngareunah mun teu nginum kopi, geus nyandu
kana kopi).
183. Geus nyanghulu ngalér. (Geus maot).
184. Geus turun amis cau. (Mangkat begér, geus témbong kawanitaanna).
185. Ginding kekempis. (Ginding tapi teu boga duit).

186. Goréng peujit. (Goréng hate).
187. Goréng sisit. (Goréng milik).
188. Gulak-giluk kari tuur, hérang-hérang kari mata, teuas-teuas kari bincurang.
(Asal beunghar jadi miskin, teu boga naon-naon nu aya hargana).
189. Gunung kapitan sela. (Budak awéwé nu boga lanceuk lalaki hiji jeung adi
lalaki hiji).
190. Gunung tanpa tutugan sagara tanpa tepi. (Taya wates-watesna).
191. Gurat batu. (Keukeuh, kukuh).
192. Gurat cai. (Teu puguh jangjina, sok robah tangtungan).
193. Guyur salelembur, éar sajajagat. (Pohara geunjleungna).

Comments
0 Comments

0 comments :

Post a Comment