Sunday 9 June 2013

babasan

25. Asa peunggas rancatan. (Leungiten ku jelma anu kapercaya atawa nu jadi
andelan/loba jasana).
26. Asa rawing daun ceuli. (Mindeng ngadéngé omongan nu teu ngeunah).
27. Asa teu beungeutan. (Kacida érana).
28. Asa nyanghulu ka jarian. (Teu ngeunah rasa lantaran kudu ngadunungan ka
jalma anu sahandapeun pangartina atawa harkatna).
29. Atah adol. (Kurang ajar).
30. Atah warah. (Kurang atikan).
31. Ateul biwir. (Teu kuat hayang milu nyarita).
32. Ateul dampal leungeun. (Kacida keuheulna).
33. Awak kawas badawang. (Awak gedé kalawan teu matut).
34. Awak sabeulah. (Iimah sorangan, teu aya pamajikan/salaki).
35. Awak sampayaneun. (Jangkung leutik atawa lenjang).
36. Awét jaya, awét ngora. (Katénjona siga ngora baé).
37. Awét rajét. (Laki-rabi nu lana, tapi loba pisan pacéngkadanana).
38. Awéwé mah dulang tinandé. (Awéwé mah biasana kumaha lalaki).
39. Aya bagja teu daulat. (Rék meunang bagja ngan teu tulus).
40. Aya buntutna. (Aya terusna tina perkara nu nguciwakeun).
41. Aya gantar kakaitan. (Aya hal anu teu sapuk jeung haténa tapi teu
dikedalkeun, teu ihlas pisan).
42. Aya jodo pakokolot. (Bisa ngajodo sanggeus duanana pada-pada kolot).
43. Aya pikir kaping buri. (Aya maksud anu teu dikedalkeun).
44. Ayak-ayak beas, nu badag moncor nu lembut nyangsang. (Kaayaan nu sarwa
teu adil).

Comments
0 Comments

0 comments :

Post a Comment