Wednesday 10 April 2013

paribasa sunda

133. Nangkeup mawa eunyeuh. (Mawa cilaka ka nu dipentaan tulung).
134. Nangtung di kariungan, ngadeg di karageman. (Musawarah).
135. Nepak cai malar cérét. (Api-api nanya sugan jeung sugan bisa nyaho
pasualan nu sabenerna).
136. Népakeun jurig pateuh. (Méré susah atawa mindahkuen kasusah ka batur).
137. Nénéh bonténg. (Ngogo ka budak, tapi mun ambek gampang neunggeul).
138. Nété porot, ngeumbing lésot. (Sagala ihtiar teu hasil).
139. Nété semplék nincak semplak. (Kitu salah kieu salah).
140. Nété tarajé nincak hambalan. (Pikeun ngahontal cita-cita kudu satahapsatahap).
141. Neukteuk bari anggeus, rokrok pondokeun, peunggas harupateun. (Heuras
haténa, teu sabar dina nyanghareupan sagala rupa kasusah jeung bari
luluasaan).
142. Neukteuk curuk dina pingping. (Nyilakakeun atawa ngahukum baraya atawa batur sagolongan).
143. Neukteuk méré anggeus. (Mutuskeun hubungan babarayaan).
144. Ngabéjaan bulu tuur. (Ngabéjaan perkara nu geus dikanyahokeun ku nu
dibéjaanana).
145. Ngaborétékeun liang tai di pasar. (Nyebarkeun rusiah sorangan nu matak
aéb).
146. Ngadagoan belut sisitan, oray jangjangan. (Ngaharepkeun hiji hal nu
mustahil kajadian).
147. Ngadagoan uncal mapal. (Ngadagoan rejeki bari teu jeung ihtiar).
148. Ngadaweung ngabangbang areuy. (Ngarasa waas pacampur sedih, panineungan
ka jaman nu geus kasorang).
149. Ngadék sacékna, nilas saplasna. (Ngomong satabarasna, teu diréka-réka).
150. Ngadu angklung. (Parebut omong, hayang paunggul-unggul).
151. Ngadu-ngadu raja wisuna. (Ngahudang amarah dua jelema sina parasea).
152. Ngagedag bari mulungan. (Ngajak nyarita ka batur sangkan beunang
rusiahna; nanyakeun hiji pasualan nu manéhna sorangan teu nyaho pasualan
nu sabenerna).
153. Ngajul béntang ku asiwung. ( Hal anu pamohalan bisa kalaksana).
154. Ngalétak ciduh. (Ngabatalkeun omongan nu geus dilisankeun).
155. Ngaliarkeun taleus ateul. (Nyebarkeun kagorengan batur).
156. Ngawur ka sintu nyieuhkeun hayam. (Ka batur mah béréhan, tapi ka dulur
sorangang kacida koretna).
157. Ngawurkeun wijen kana keusik. (Pagawéan nu mubadir).
158. Ngeplék jawér ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri. (Babari éléhan).
159. Ngeupeul ngahuapan manéh. (Nyieun aturan anu nguntungkeun sorangan).
160. Ngimpi gé dianggir mandi. (Kacida teu panujuna).
161. Ngingu kuda kuru, ari geus lintuh nyépak. (Miara atawa ngaméménan jalma
walurat ari geus senang jadi cucungah).
162. Ngijing sila béngkok sembah. (Teu satia ka salaki atawa ka dunungan).
163. Ngudag-ngudag kalangkang heulang. (Ngaharep perkara nu samar bisa
kalaksanakeun).
164. Ngukur baju sasereg awak. (Hirup nyorangan teu daék pacorok jeung batur).
165. Ngusik-ngusik ula mandi, ngahudangkeun macan turu. (Ngagugat perkara
nu geus liwat nu bisa nimbulkeun pacogrégan).
166. Ninggalkeun hayam dudutaneun. (Ninggalkeun pagawéan nu can anggeus).
167. Nini-nini leungit sapeuting, tai maung huisan. (Dituduh pédah aya patalina
jeung kajadian nu jadi perkara).
168. Nu asih dipulang sengit, nu nyaah dipulang moha. (Ngalakukan kajahatan
ka jalma nu geus méré kahadéan).
169. Nu borok dirorojok nu titeuleum disimbeuhan. (Nu keur susah dipupuas,
atawa ditambahan kasusahanana).
170. Nu geulis jadi werejit nu lenjang jadi jadi baruang. (Nu geulis bisa jadi
ngabahlakeun ka lalaki atawa ka salaki).
171. Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang. (Usaha nu kari ripuhna teu mawa
hasil).
172. Nulungan anjing kadempét. (Nu asih dipulang sengit).
173. Nyaeuran gunung ku taneuh. (Nambahan kauntungan atawa kakayaan nu
geus beunghar).
174. Nyair hurang meunang kancra. (Meunang untung tina usaha nu modalna
saeutik).
175. Nyaliksik ka buuk leutik. (Barang pénta atawa ngarah kauntungan ti nu
leutik).
176. Nyalindung ka gelung. (Hirup ngandelkeun banda atawa pangala pamajikan).
177. Nyanggakeun beuheung teukteukkeun, suku génténg bélokeun. (Masrahkeun
diri lantaran rumasa salah).
178. Nyecepo ka nu rarémpo. (Ngarendahkeun jalma teu boga).
179. Nyeungeut damar di suhunan. (Némbongkeun kabeungharan ku méré ka
deungeun-deungeun ngarah pamuji, ari ka kulawarga sorangan korét).
180. Nyeungseurikeun upih ragrag. (Nyeungseurikeun hiji kaayaan nu eta
kaayaan téh bakal karandapan ku manéhna).
181. Nyiar teri meunang japuh. (Meunang untung leuwih gedé tibatan nu
diharepkeun).
182. Nyiduh ka langit. (Mapatahan ka saluhureun).
183. Nyieun pucuk ti girang. (Nyieun jalan pipaséaeun).
184. Nyiuk cai ku ayakan. (Pagawéan nu mubadir, moal ngahasilkeun naonnaon).
185. Nyium bari ngégél. (Muji bari ngarah paméré).

Comments
0 Comments

0 comments :

Post a Comment