Wednesday 20 March 2013

paribasa sunda

199. Sabobot sapihanéan, sabata sarimbagan. (Hirup akur, runtut-raut; sakasukasakaduka).
200. Sagalak-galak macan tara ngahakan anakna. (Sabengisna indung bapa moal
téga ka anakna).
201. Sagara tanpa tepi. (Euweuh anggeusna atawa euweuh béakna).
202. Sagolék pangkék sacangreud pageuh. (Pageuh nyekel jangji, tara jalir).
203. Sahérang-hérang cai béas. (Saberesih-beresih hate jelema nu geus
dinyenyeri pasti saeutikna masih nyangkaruk katugenah/kanyeri).
204. Sakiriciking duit sakocoping bogo. (Sagala rupa perkana nu boga daya tarik
kana haté).
205. Sakuru-kuruna lembu, saréngéng-réngéngna banténg. (Sakumaha teu
bogana jalma nu asalna beunghar, moal miskin-miskin teuing).
206. Saluhurna punduk, moal ngaliwatan hulu. (Sakumaha pintérna murid
(waktu harita), moal leuwih pintér ti guruna).
207. Sangsara di geusan betah. (Teu boga nanaon pisan ku sabab geus embung
usaha nyiar kipayah).
208. Sapi anut ka banténg. (Awéwé ngawula/nurut ka salakina).
209. Sapu nyéré pegat simpay. (Paturay, papisah).
210. Sari gunung. (Ti kajauhan mah katinggali geulis, tapi ti kadeukeutan mah
katempo goréng patut).
211. Sato busana daging, jelema busana élmu. (Nu matak diajénan ti hiji jelema
nya éta élmuna, lain dagingna kawas ka sato).
212. Sawaja sabeusi. (Salaki jeung pamajikan sarua martabatna).
213. Seuneu hurung cai caah. ulah disorang. (Jelema nu keur ngambek ulah
diheureuyan).
214. Seuneu hurung di pancaran. (Jelema nu keur ngambek ditambahan
piambekeunana).
215. Sereg di panto logor di liang jarum. (Teu bisa gaul di kalangan jalma hade
lantaran loba dosa).
216. Sieun képlok jadi bahé. (Nu tadina sieun rugi saeutik, akhirna teu meunang
nanaon).
217. Sirung ngaluhuran tunggul. (Jelema nu élmuna ngungkulan guruna).
218. Situ kaliung ku taman. (Nu heubeul éta nu bakal kawentar, lain nu anyar
kénéh).
219. Sono bogoh geus kalakon, lara wirang geus kasorang. (Geus cukup
pangalaman ngarasakeun suka-duka).
220. Suku dijieun hulu, hulu dijieun suku. (Digawe nyiar kipayah kalawan
méakkeun tanaga jeung pikiran).
221. Suluh besem ogé ari diasur-asur mah hurung. (Sanajan jelema sabar ari
hantem diheureuyan atawa dipapanas mah pasti bakal hudang amarahna).

Comments
0 Comments

0 comments :

Post a Comment