Saturday, 6 July 2013

Beungeut, Pameunteu/Raray (muka, wajah)

Beungeut ~> basa loma

Beungeut ~> basa lemes keur kasorangan.

Pameunteu/Raray ~> basa lemes keur kabatur.

follow @BhsaSunda

Friday, 5 July 2013

Panpel PERSIB: Petasan, Mercon dan Flare Teu Meunang Abus ka Stadion

Sekretaris Panitia Pelaksana (Panpel) Budhi Bram Rachman, ngahimbau ka suporter satia PERSIB ambéh ngaminimalisir flare dina laga kandang PERSIB vs Mitra Kukar, Saptu (06/7) isukan. Budi ngaharepkeun Bobotoh henteu mawa petasan, mercon atawa flare ka Stadion Si Jalak Harupat. Ayeuna, pertandingan kandang PERSIB meunang perhatian husus ti Komisi Disiplin (Komdis) PSSI patali aksi ti Bobotoh anu ngahurungkeun flare atawa mercon sabot pertandingan lumangsung, ku kituna ngaganggu jalanana pertandingan. Panpel Persib geus dua kali meunang hukuman denda ti Komdis alatan perkara mercon sarta flare anu ngabalukarkeun wasit kapaksa ngeureunkeun pertandingan samentara waktu sarta éta asup kategori ngaganggu jalanana pertandingan.
Sumber artikél persib.co.id

Ngalawan Mitra Kukar Poé Isukan, Muga Meunang Deui

Isukan Persib Bandung bakal tanding ngalawan Mitra Kukar di Stadion Si Jalak Harupat, Bandung. Bék Persib Bandung, Abanda Herman optimis Persib Bandung bisa meunang ti Mitra kukar.

Banda sasampiran nyawa gagaduhan.

Banda sasampiran nyawa gagaduhan. (Baik harta benda maupun nyawa, semuanya kepunyaan Allah, bukan milik kita.)

Thursday, 4 July 2013

alo, pun alo, kapi putra (keponakan)

alo ~> basa loma

pun alo ~> basa lemes keur kasorangan.

Kapi putra ~> basa lemes keur ka batur.

Monday, 1 July 2013

Sunda Jaya di Buana

Di Bandung Sunda téh nangtung
Di Cianjur Sunda téh ngahunyur
Di Tasik Sunda téh ngancik
Di Ciamis Sunda téh nungeulis
Majalengka Sundana moal langka Sukabumi Sunda pasti Di Bogor Sunda moal éléh pamor
Di Garut Sunda moal ngaluluwut
Di Sumedang ,Karawang, Subang, katut Kuningan Sunda terus patandang
Di Banten Sunda tetep nanjeur.

babasan

babasan teh nyaéta ucapan matok nu dipake dina harti injeuman pami disempitkeun hartosna jadi "ungkapan".